Kesenian Tatar Sunda (Bahasa Sunda)

Jatiluhuronline.com - Indonésia téh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daérah. Saban sélér bangsa, anu nyicingan rébuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Diantarana, kasenian daérah.

Naon ari kasenian daérah teh? Tangtu baé kasenian anu lahir sarta hirup di daérah. Ieu kasenian téh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu gedé ajénna. Kasenian daérah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain baé ku sélér bangsa anu nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daérah téh mangrupa unsur pangwangun kasenian nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat téh geus jadi kasenian nasional. Lain baé urang Sunda nu mikaresep jaipongan téh, tapi ogé dipikaresep ku sélér bangsa séjén. Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk béja, urang mancanagara ogé loba nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda téh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana téh kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadéngé ngaranna baé. Ari pangna terus muguran téh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu téh puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin kaleungitan kakayaan bangsa anu gedé ajénna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-ngaranna, heunteu apal janggélékna ogé. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup boh anu kungsi hirup. Geura urang tataan, diantarana baé, wayang golék, jaipongan, cianjuran, angklung, calung, kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, réog, longsér, lais, debus, ubrug, ujungan, dombrét, kawih, gending karesmén, bangbarongan, jeung gondang. Éta téh karék sabagian leutik, dah ceuk béja kasenian Sunda anu kungsi hirup téh leuwih ti tilu puluh rupana.

Moal boa, di sélér bangsa séjén ogé mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui nu paéhna. Lamun ti hiji sélér bangsa, sebut baé, mibanda tilu puluh kasenian, pék kalikeun ku hidep. Énya maksud téh, kalikeun jeung jumlah sélér bangsa nu aya di Indonésia. Leuh, pohara beungharna Indonésia téh. [arsipbudayanusantara]

SUBSCRIBE TO OUR NEWSLETTER